Lirik Lagu Gunung Cikuray - Darso

Bulan ngempray diluhur Gunung Cikuray Gunung Cikuray
Raray nu geulis marahmay ngantosan panutan datang

Nu diantos can baé jol atuh manah na hariwang
Boa boa nu diantos teu cios badé nganjangna
Nu geulis ilang imutna nu geulis leungit nyarina
Manahna tambah nalangsa ramisak reumbay cimata

Harita diri nu geulis teu bérag cara sasari
Bulan téh teu témbong deui kasimutan ibun subuh

Sapanjang jalan Soréang moal weléh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang moal weléh diakalan
Cikaracak ninggang batu laun launn jadi legok
Jurang kudu bersatu perjuangan ulah kagok

Bulan ngempray diluhur Gunung Cikuray Gunung Cikuray
Raray nu geulis marahmay ngantosan panutan datang
Raray nu geulis marahmay ngantosan panutan datang

Nu diantos can baé jol atuh manah na hariwang
Boa boa nu diantos teu cios badé nganjangna
Nu geulis ilang imutna nu geulis leungit nyarina
Manahna tambah nalangsa ramisak reumbay cimata

Harita diri nu geulis teu bérag cara sasari
Bulan téh teu témbong deui kasimutan ibun subuh
Harita diri nu geulis teu bérag cara sasari
Bulan téh teu témbong deui kasimutan ibun subuh

Nu diantos can baé jol atuh manah na hariwang
Boa boa nu diantos teu cios badé nganjangna
Nu geulis ilang imutna nu geulis leungit nyarina
Manahna tambah nalangsa ramisak reumbay cimata

0 Response to "Lirik Lagu Gunung Cikuray - Darso"

Post a Comment

Popular Posts