Lirik Lagu Méga Sutra Pantai Carita - Darso


Méga sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas éndahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geterna cinta

Dina dada aya rasa dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Disisi basisir laut pantai carita
Nya didinya urang téh wakca balaka

Méga sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katinggang rasa
Saksi asih mekarna harepan cinta
Poé isuk muga laksana paneja
Méga sutra di langit pantai carita

Méga sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas éndahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geterna cinta

Dina dada aya rasa dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Disisi basisir laut pantai carita
Nya didinya urang téh wakca balaka

Méga sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katinggang rasa
Saksi asih mekarna harepan cinta
Poé isuk muga laksana paneja
Méga sutra di langit pantai carita




0 Response to "Lirik Lagu Méga Sutra Pantai Carita - Darso"

Post a Comment

Popular Posts