Lirik Lagu Jungjunan - Darso


Wengi tadi salira némbongan deui
Dina jero pangimpian
Anjeun imut sajorélat
Deg kuring tambah tibelat

Dinten ieu salira ngalangkang deui
Dina jero panglamunan
Haté pinuh ku karingrang
Melang hariwang honcéwang

Duh jungjunan duh jungjunan
Teu weléh kabayang baé
Duh jungjunan duh jungjunan
Teu weléh jadi impian

Dinten ieu salira ngalangkang deui
Dina jero panglamunan
Haté pinuh ku karingrang
Melang hariwang honcéwang

Duh jungjunan duh jungjunan
Teu weléh kabayang baé
Duh jungjunan duh jungjunan
Teu weléh jadi impian
Teu weléh jadi impian




0 Response to "Lirik Lagu Jungjunan - Darso"

Post a Comment

Popular Posts