Lirik Lagu Kasaha - Darso

Kasaha atuh kasaha kuring kudu cumarita
Ngedalkeun rasa kacinta nu nyongkab na dada
Kamana atuh kamana nyimpaykeun rasa katresna
Geus lawas hirup nyorangan lalagasan

Kasaha atuh kasaha namplokkeun kasono
Kasaha atuh kasaha ngaitkeun kaasih
Kasaha atuh kasaha nyiramkeun kahéman
Kasaha atuh kasaha ulah ngan ukur lamunan

Kacipta meureun éndahna lamun kahayang kadongkang
Kacipta pisan bagjana lamun harepan laksana

0 Response to "Lirik Lagu Kasaha - Darso"

Post a Comment

Popular Posts